PAMAJIKAN NURUSTUNJUNG

Jang, emang teh ngabogaan hiji pamajikan, ngan hiji hijina teu loba jiga batur. tapi najan kitu kalakuanna ngan nganyerikeun we ka salaki teh. teuing na kudu dikumahakeun. sakapeung mah emang sok ngarasa aral. ceuk rarasaan mah kurang kumaha kamanehna teh, sagala rupa geus dibikeun.

Mindeng manehna teh ngahina ka emang, najan teu langsung tapi mangrupa sindir sampir, tadina mah teu pati didenge ngan ari ku mindeng mindeng teuing mah nya karasa nyeri oge. mun inget kana sagala omonganna asa ku teung teuingen teuing, da pamajikan batur mah teu kita ka salaki teh, salilana sunujud patuh tur hormat. jajauheun jeung pamajikan emang mah. 

Sakapeung mah naha kudu diserahkeun wae, ceuk nafsu mah emang teh sanggup meunangkeun deui nu leuwih ti kitu. tapi karunya ka nasib barudak da emang teh geus ngabogaan dua anak, nu teu mais teu meuleum tangtuna bakal jadi korban ... ahh sing sabar we hate !! 

Naon atuh ari maksud emang teh pangna mostingkeun perkara nu kacida teu pentingna ieu ? nya taya sanes : Nu kahiji saukur 'curhat' ceuk barudak ayeuna mah, Nu Kadua sing jadi conto keur nyai nyai nu maca ieu tulisan, omat tong kitu kalakuan ka salaki teh, bisi tideuha atawa doraka.

Naha atuh ari emang kalah ngear ngear kagorengan pamajikan, lain kuduna mah ditutup tutupan 'aib' pamajikan teh ? ieu mah kalah di dagangkeun ka umum. 
Ah keun bae da hidep sakabeh moal nyaho, saha sabenerna 'mang mbe udud' teh da di Dunia Maya mah sagala rupana serba 'misterius'.
tapi sing percaya yen emang teh hiji lalaki kasep !!

sakitu heula nya cu !!

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.